Oleh FAUZAL IHSAN
Hiji mangsa kacaritakeun aya jalma nu katelah Abah Yaksa. Teuing kumaha caritana éta jalma beut disebut yaksa, padahal nalika di tilikan awakna mah teu kaciri rék piwijaksanaeun. Ceuk béja mah éta jalam di babarkeun poé Rebo dina mangsa tujuh welas Agustusan.
Sabaraha poé ti babarna éta jalma, ramana, nu kagungan wasta Sudra maparin jeneng Surup ka manéhna. Lain teu alesan bapana maparin jeneng Surup ka éta budak. Sudra geus ngetrukeun tarékah pikeun néang wasta nu cocog, malahan Sudra geus malakiahan ka dukun néang ngaran nu sapagodos jeung poé mangsa dilahirkeun éta budak. Mangka teu kungsi lila ti borojolna budak tina gua garba ibuna, Sudra maparin wasta Surup. Alesannana surup téh mangrupkeun ngaran nu kacida éndahna, salian ti éta surupp ogé biasa di larapkeun ka panon poé nu geus warna konéng wangkid (kira-kira) jam genep soréan. Surup ogé dilarapkeun ka sakurna perkara nu asup kanu perkara lain, contona ruh nu surup dina raga. Harepan Sudra yén budakna bakal pijadieun jalam suksés, alatan sakabéh pangaweruh, pangabisa, jeung kahadéan bakal nyurup dina diri manéhna.