Sekedar LPIK

My photo
Lembaga Pengkajian Ilmu Keislaman (LPIK) Bandung

Sunday, December 12, 2010

Carita Ramayana

Ku Fauzal Ihsan Sang Ududer

Kacaritakeun yen Sang Hyang Widi ngayuga alam dunya. Mantenna nu ngurus, ngatur ngaraksa tur ngariksa satungkebing langit, satangkaraking jagat. Mantenna oge anu ngahancur leburkeun dunya tempat dumuk manusa. Anu ditelah dina ajaran Hindu ku Trimurti (Brahma, Wisnu, jeung Siwa).


Hiji mangsa kacaritakeun aya wewengkon nu ngarana Kosala, nu Ibukotana diwastaan Ayodya. Raja wewengkon ieu teh mangrupakeun katurunan, tur aya tatali marga jeung Bathara Surya, nyaeta Dewa Panon Poe. Dina kapercayaan wewengkon eta, Bathara Surya kacida pisan dipikacintana tur dipikaserab, alatan kasaktena nu bisa mancerkeun cahya tina sarangenge. Salian maparin hirup ka papada manusa, cahya panon poe eta nyaangan lolongkrang sakuliah rohangan imah nu poek mongkleng.

Ngaran raja nu mibanda nagri Kosala teh nyaeta Dasaratha. Karajaan ieu mangrupakeun kakawasaan dinasti Ikswaku, katurunan Manu, titisan Bathara Surya tea. Tah, katurunan ieu pisan Raja Dasaratha teh. Geus lila kacida Raja Dasaratha teu kagungan putra, sanajan anjeunna geus rarabi jeung tilu awewe, nyaeta Kausalya, Kaikeyi, jeung Sumitra. Anjeunna ngangres alatan tilu garwana can mere bati. Sawangannana “Lamun kula teu boga budak, saha nu rek ngagantikeun kula jadi raja nu ngagem Kosala.”

Sapadamayan Raja Dasaratha ngayakeun upacara asmaweda nu di wuwuh ku ngahaleuangkeun lagu gayatri nu di cokot tina kitab Artharwa Weda. Resi Wasista nu mangrupakeun panasehat raja, ngunjukkeun jeung nawaran upacara tadi kalaksana. Anjeunna malakiahan sangkan di pimpin ku Maharesi Risyasringa. Teu cukup ku kitu, Resi Wasista oge meredih ka Dasaratha sangkan temen wekel, di barung ku mekar motekarkeun kahayang (boga budak)jeung dekul khusu ngadua ka Sang Hyang Widi. Teu lila ti upacara asmaweda digelar, garwa-garwa Dasaratha bobot, sababaraha bulan ti harita babar, ngaborojolkeun opat budak. Goa garba ibu satekah polah mere lolongkrang tur liang pikeun budak-budakna bijil. Kabeh budak nu di babarkeun ku garwa-garwa Dasaratha lalaki, nu ngabalukarkeun manehna bingah amarwatasuta, asa kagunturan madu kaurugan menyan putih. Opat budak eta di paparin wasta sewang-sewang, nyaeta, Rama, Bharata, Laksmana, jeung Satruguna.

Tuluy opat budak raja ieu diwuruk, diatik, tur dididik sangkan jadi jalma nu sakti, leber wawanen jeung wijaksana ku Resi Wasista. Poe ganti poe, bulan ganti bulan, taun ganti taun. Geus mangratus kali neuleu panon poe meletek ti kulon, geus mangpuluh kali nenjo sarangenge surup di wetan. Opat budak leutik nu lehoan baheula, ayeuna mah geus gagah perkosa. Katurug-turug di wangun ku raga anu bayuhyuh tur mibanda kasakten anu linuhung. Tetela Resi Wasista ngatik maranehannana ku cara tapa jeung nelek-nilikan hirup sangkan wijaksana.

***

Geus lalana ka Resi Wasista, opat budak raja Dasaratha mencar, bari nyanyaba. Nu dua, Rama jeung Laksmana di bawa ku Maharesi Wiswamitra, nyaeta sobat dalitna Wasista, jeung mangrupakeun guru anu inohong. Baratha jeung Satruguna nyaba, neang ka akina nu nyekel wewengkon Kekaya. Tah, ti dieu pisan ngancik rasa kacinta kana manah Rama. Anjeunna katilep ku hiji wanoja anu endah lamun ditilikkan, jeung kasohor panggeulisna di tilu alam. Nalika nyanyabaan tea teh, Wiswamitra, Rama jeung Laksmana nyemah ka wewengkon Mithila nu di kawasa ku Raja Janaka. Kabeneran pisan Raja Janaka teh nu miboga putri nu dipikahayang ku Rama. Jeneng putrina nyaeta Sita. Kabeneran oge Raja Janaka teh keur ngayakeun sayembara pikeun siangsaha bae nu datang hayang ka Sita. Sayembarana, nyaeta singsaha bae anu bisa motongkeun pakarangna Bathara Wisnu, mangka jalma eta pisan anu pantes rarabi jeung Sita. Raja-raja di nagri tatangga burber datang nyumponan kana sayembara eta, tapi euweuh hiji-hiji acan anu bisa. Akhirna Rama nedunan sayembara eta. Anjeunna dekul ngadua sangkan ginuluran Sang Hyang Widi, tur bisa motongkeun pakarang. Rama bisa motongkeun pakarang ku kasakten anu enteng. Manehna lain manusa samanea, manehna kasohor alatan leber wawanen jeung linuhung kasaktenna. Ku kasaktenna, pamustrunganana Rama bisa rarabi jeung Sita, putri Raja Janaka nu mibanda wewengkon Mithila tea.

***

Lila kacaritakeun, wirehing Rama nu rek dipilih jadi raja gaganti Dasaratha harita. Nu nyababkeun Rama rek di pilih pikeun gaganti Raja Dasartaha teh alatan kabiasaan rakyat Kosala jeung kucara kitu bisa ngalakukeun dharma. Alesan anu kadua, Rama bisa nalingakeun jeung miara karukunan jeung adi-adina. Tapi, kusabab akal licik Kaikeyi, salah sahiji pamajikan Dasaratha, Bharatha dipaksa jadi raja. Rama ngahaja di asingkeun ka leuweung Dandaka salila opat welas taun. Harita nu ngilu jeung manehna nyaeta Laksmana jeung Sita. Rama narima kaputusan eta ku cara ikhlas nyumponan salah sahiji dharma. Salila di leuweung Dandaka, Rama ngalakukeun Tapabrata di tungguan ku adina nu wijaksana Laksmana, jeung di baturan ku garwana nu taat, Sita. Nalika tiluanana dumuk di leuweung eta, loba pisan cocoba nu datang. Geus teu kaitung jugrugna, teu kawilang jumlahna Buta-buta ngagangu, ngagunasika maranehannana. Tapi teu hese keur Rama jeung Laksmana mah, sabab maranehanana mibanda kasakten anu linuhung. Malah mandar, aya nu nyarita wireh Rama mah bisa ngelehkeun Bathara Indra. Rama jeung Laksmana nu boga kasakten anu luhur, ngetrukeun sagala tarekah, jeung daya upaya pikeun ngarogahala Buta-buta tea. Padahal, saacanna Buta-buta teh lelewodeh, talobeh jeung campoleh, ngaremehkeun Rama jeung Laksmana. Eh, nalika paamprok mah, maranehanana pada gimir. Miris jeung ringrang nenjo kasakten nu dipibanda ku Laksmana, komo ku Rama mah. Ninggang kanu paribasa pacikrak ngalawan merak, Buta nu mangwelas-welas rebuna teu walakaya. Lir ibarat tikoro nandon peso, pirang-pirang buta nyampeurkeun bahla jeung mamala.

***

Rawana, raja nagri Alengka, nagri nu sakabeh rahayatna Buta, ngarasa saliwang alatan anak buahna perlaya. Mayitna patulayah di mana-mana, pakarangna pasolengkrah di juru leuweung. Tapi ari Rawana teu heureut ku akal, manehna ngayakeun tipu muslihat sangkan Laksmana jeung Rama ninggalkeun Sita. Dadak sakala, Rawana nyulik Sita. Sita ngajerit maratan langit, menta pitulung ka sing saha bae nu ngadenge. Terus Sita di bawa hiber ku Rawana ka wewengkon Alengka.

Mangsa Rama nyaho yen nu nyulik teh Rawana, Rama ku anjeun ngayakeun panyabaan jeung Laksmana ka nagri Kiskenda nu dipimpin ku Raja Sugriwa. Nagri Kiskenda teh mangrupakeun nagri nu di tempatan ku para wanara (monyet). Saenggeus Rama ngayakeun janji pasini jeung Sugriwa, Raja Sugriwa ngutus Hanoman patih sakti tur gagah pikeun jadi mata-mata di Alengka. Hanoman kacida saktina, manehna bisa ngaganjleng ti lengkob nepi ka pasir nu lungkawing. Kacida saktina nepi ka jadi patih anu dipikahormat ku karajaan Kiskenda. Saenggeus menang beja wireh Sita bener ayana di Alengka, teu loba carita, gagancangan rombongan wanara, Hanoman, Rama, jeung Laksmana ningker tur nyerbu Alengka. Harita Alengka jadi pagulon, tempat paadu raga, jeung perangna pihak Rama nu hayang meunangkeun deui Sita jeung Rawana anu wirang alatan anak buahna anu sarakti paeh sapadamayan. Adi Rawana, nyaeta Kumbakarna anu gagah jeung pang saktina di nagri Alengka bisa di jungkelkeun nepi ka jadi mayit. Indrajit, anak Rawana, anu kakoncara nepi ka kahyangan, sabab kungsi ngelehkeun Bathara Indra, bisa di rogahala ku Laksmana.

Akhirna Rawana jeung Rama paadu pakarang, gelut, pasalia raga. Kacida pisan hebat duanana, sahingga tarung raga teh lumangsung lila. Tapi, tatu anu aya dina awak Rawana ngaakibatkeun athman pisah tina badan, hiber ka Brahmaloka. Saenggeus Rawana paeh, Wibisana, adi Rawana anu mihak ka Rama, jadi Raja. Manehna mingpin karajaan Alengka kalawan wijaksana. Sita oge bisa di bawa deui ku Rama.

***

Sanggeus ngaasingkeun maneh salila opat welas taun, Rama, Lasmana, katut Sita mulang deui ka nagri Kosala. Bharata nu harita jadi raja narima, bahkan sugema pisan alatan Rama mulang deui ka lemah cai. Akhirna Bharata maparin kakawasaanana ka Rama. Rama jadi raja Kosala, jeung marentah kalayan adil tur wijaksana.

Akhirna

Nalangsa jeung tunggara sirna.

Bagja tur sugema bisa kaala.


*Jadi bahan sawalakeuneun di LPIK, 25-11-2010.

** hampura, hoream nitenan, teu make "e" curek.

No comments: