Sekedar LPIK

My photo
Lembaga Pengkajian Ilmu Keislaman (LPIK) Bandung

Wednesday, February 16, 2011

Urugna Asihan

Ku Fauzal Ihsan Sang Ududer

Panon seukeut wanoja nu nurih eusi babatok. Éta pisan nu ngarasa dipacikeuh deungeun téh. Sagara haté jadi palugon. Témpat wanoja nu ngajajah, perang jeung para ponggawa lelembutan. Tapi sagala rupa panghalang, ti mimiti jugang kaiman, tug nepi ka rangkét kawedi taya nu dipahing. Teu dihiding nalika rupana ngambah, ngaganggu jeung ngagunasika lelembutan. Ratug tunggulan hulu angen, naék kana sirah. Lir athman manéhna nu pisah tinu badan, hiber jeung eunteup dina pikir.

Katurug-turug nu sok bubuara kana manah mah tindakna yatna jatnika. Polah jeung létah na sapagodos. Tara pasalia. Saluyu, teu sulaya. Tapi ieu pisan nu ngarasa dipacikeuh deungeun téh. Sok galideur mangsa inget kana parawakanana. Sering guligah, sok sieun geus aya nu boga. Katagiwuran teu leungit-leungit, ngabalukarkeun gandrung liwung kapirangrung.


Mun dipikir-pikir, naha kudu baluweng? Pamajikan ogé lain. Tapi rasa mah angger. Karesep teu kendat-kendat, tuluy linyok-nonjok kanu haté. Batan suda, malah teu sirna-sirna. Batan suwung, kadon leuwih linglung. Manéhna jiga nyurup sarupaning kaéndah nu sugri kumelip di marcapada. Antukna ngamabokeun anu mencrong.

***

Mana horéng. Hiji mangsa manéhna nanya ka kuring ku sora anu ahéng. Basana éta, landung kandungan laér aisan. Nyababkeun oyag naker sakujur awak. Dor dar dada jeung harigu silih timbalan. Haté ngariyeg kacida. Bakat ku rongkahna, nepi ka beungeut robah warna, jiga lastari nu pias dirogahala ku werejit kaasih. Tapi, disagédéngeun éta ngarasa senang ningnang jeung lugina.

Waktu nu lian. Caringcing pageuh kancing, teu dililakeun deui. Nigas sarupaning kabingung. Rentag jeung rintih mingpin sagala ucapan. Rasa kasandingan, sapadamayan, harita kénéh dibudalkeun. Dibéjér béaskeun. Mimitina, sumolondo, api-api nanyakeun buku, nepi ka mapatkeun sagala gerentes kahayang.

Tapi piraku kudu dibacakeun dua asihan mah.Asihan si guntur geni jeung asihan si jaran guyang. Nu kahiji, mun seug dikedalkeun, ngabalukarkeun singsaha baé nu dipikahayang hareudang bayeungyang hayang kanu boga asihan. Asihan nu kadua, malar wanoja teu pukah, lir kuda nu hésé hanjat ti pamandian.
Ngan, nu jadi ugeran mah lain nu kararitu. Nu bakal ngahontal mah nyaéta

sarupaning rasa manah

nu hanjat kanu létah

dipintonkeun ku lampah

turta dibarung ku sagala tarékah.

No comments: