Sekedar LPIK

My photo
Lembaga Pengkajian Ilmu Keislaman (LPIK) Bandung

Friday, November 5, 2010

Abah Yaksa #Part 1

Oleh FAUZAL IHSAN

Hiji mangsa kacaritakeun aya jalma nu katelah Abah Yaksa. Teuing kumaha caritana éta jalma beut disebut yaksa, padahal nalika di tilikan awakna mah teu kaciri rék piwijaksanaeun. Ceuk béja mah éta jalam di babarkeun poé Rebo dina mangsa tujuh welas Agustusan.

Sabaraha poé ti babarna éta jalma, ramana, nu kagungan wasta Sudra maparin jeneng Surup ka manéhna. Lain teu alesan bapana maparin jeneng Surup ka éta budak. Sudra geus ngetrukeun tarékah pikeun néang wasta nu cocog, malahan Sudra geus malakiahan ka dukun néang ngaran nu sapagodos jeung poé mangsa dilahirkeun éta budak. Mangka teu kungsi lila ti borojolna budak tina gua garba ibuna, Sudra maparin wasta Surup. Alesannana surup téh mangrupkeun ngaran nu kacida éndahna, salian ti éta surupp ogé biasa di larapkeun ka panon poé nu geus warna konéng wangkid (kira-kira) jam genep soréan. Surup ogé dilarapkeun ka sakurna perkara nu asup kanu perkara lain, contona ruh nu surup dina raga. Harepan Sudra yén budakna bakal pijadieun jalam suksés, alatan sakabéh pangaweruh, pangabisa, jeung kahadéan bakal nyurup dina diri manéhna.
Ayeuna Surup geus nincak umur nu ka duapuluhlimana. Manéhna hirup ngumbara ti mimiti umur lima welas, alatan ramana (Sudra) nitah indit sajauhna pikeun nyiar élmu pangaweruh. Geus lima welas taun Surup nyukcruk jalan pikeun nyiar élmu. Ti mimiti nyakola di Paguyuban, tug nepi ka guguru ka tukang tapa. Salila hirup, Surup ngarasakeun pirang-pirang kasedih, utamana susahna nyiar kadaharan. Harita, teu béda jauh jeung jaman Orba taun 1998, nalika sagala rupa serba mahal, sahingga di sebut krisis moneter. Surup hirup saayana, can kungsi kacaritakeun manéhna dahar di tempat ahéng, tur tuang kadaharan nu mahal. Mangsa jalama beunghar ngagunakeun kudana pikeun indit kamamana, Surup mah ngagunakeun sukuna. Kamamana tara maké sandal, lain kunanaon, da puguh teu boga duit pikeun meulina. Tong boraah sendal, kadaharan ogé sapinggih, sapanimuna. Mun harita jalma-jalma disibukkeun ku perkara individual, timimiti raksukkan tug nepikeun ka kandaraan kudu alus, Surup mah saayana, kadang manéhna make baju nu angger salila tilu minggu, da puguh baju gé meunang hasil baramaén. Surup leuwih mirip jeung Sokratés nu di caritakeun ku Xenophon. Sokratés teu lewih mentingkeun hadéna raksukan batan hirup wijaksana. Sakabéh hirupna, Sokratés ngetrukeun tarékah pikeun nyiar kawijaksanaan.


Dina umur nu kawilang ngora, Surup di telahan ngaran Abah Yaksa. Dina hiji carita nu can dipaluruh mah, Surup di paparin gelar Abah Yaksa téh, alatan kawijaksanaanana. Jeung ceuk hiji béja ogé, Surup di telahan Abah Yaksa alatan manéhna kungsi jadi jaksa nu nungtut jalma di pangadilan. Mangka singsaha baé anu nampi warta ti manusa, wajib pikeun manéhna maluruh benerna warta éta. Tapi, nalika maluruh jeung nyukcruk carita Surup, kacida héséna, sahingga versi-versi éta can di anggap bener ayana. Tapi nu jelas, Surup di paparin laqab Abah Yaksa, kusabab nyokot tina kalimah wijaksana, nyaéta jaksa. Kadang mah, di bahasa jawa, hurup “j’ sok di larapkeun kana hurup “y’, sahingga jaksa, jadi yaksa. Tah ti mimiti harita meureun cukang lantaran Surup di sebut Abah Yaksa téh.


Saban poé Kemis, Abah Yaksa ngaluangkeun waktu pikeun niiskeun sirah tina sarupaning perkara nu nimpa ka manéhna. Kabeneran, saacanna, dina poé Rebo, Abah Yaksa kungsi paadu urat, pasalia paham jeung lurah nu dumuk di kampung wétan. Pasalia paham éta di mimitian ku kajadian nu ngageunjleungkeun kampung. Abah Yaksa nu dumuk di kampung Tunggul belah kulonneun kampung Reunggas, imahna Lurah Sapto nu gétréng jeung Abah Yaksa téa.

Ari Sapto téh kolot nu ngumbara ka Sunda, sabenerna mah manéhna asli urang Madura, dina pangumbaraanana, manéhna ngahaja cicing di daérah Reunggas, sabab harita, dina usum pamilihan lurah, manéhna nyalonkeun jadi pamingpin di daérah éta. Anapon alesan kadua manéhna dumuk di kampun Reunggas, nyaéta garwana anu kagungan jeneng Surtih mangrupa kembang desa nu asli urang kampung Reunggas. Ceuk béja mah, Sapto bisa meunang jadi lurah téh alatan kawasana nu bisa ngayakinkeun rakyat harita ku cara sentak-sengor.

Dina pangumbaraanana, Sapto teu leupas tina masalah ribut jeung papada manusa. Kacaritakeun dina hiji mangsa manéhna kungsi ngarogahala budak cikalna Pulisi. Sahingga nalika jadi buron, Sapto ngajalin kakuatan jeung kumpulan préman nu aya di sakuliah desa tempat dumukna Pulisi éta. Tapi najan geus ngumpulkeun loba préman gé, tetep Pulisi mah leuwih kawasa, sahingga –hayang teu hayang– manéhna kudu gagancangan nyingkah ti désa. Lila jadi buron, manéhna ujug-ujug bijil di kampung Reunggas, di belah kiduleun Sancang, jeung di belah wétaneun kampung Tunggul, neupi ka kakawinna jeung kapilihna jadi lurah.

Perkara nu ngageunjleungkeun éta dimimitian ku lobana kajadian maling di daérah tempat Sapto ngawasa. Dina hiji mangsa pamuda nu teuing saha ngarana, di tuduh jadi tukang maling. Éta pamuda teh pangumbara nu hirupna nyémah. Dina waktu saminggu, manéhna pundah-pindah tempat ka tiap masigit. Jalma di sakuliah masigit sok bungah nalika di sumpingan ku pamuda modél kitu, hartina, masigit nu tara di piroséa ku jajaka jeung wanoja désa, geus aya nu paduli, nyaéta pamuda nu ngumbara téa. Di sagedengeun éta, manéhna gé sok ngahaleuangkeun ayat Quran, nu lamun di baca ku éta pamuda, warga ngarasa tentrem ayem. Tapi saprak éta pamuda luuh di kampung, warga sok kaleungitan duit. Kajadian éta, saprak nyémahna pamuda jeung ngilu-ulubiungna éta pamuda kana urusan pamaréntahan masyarakat.

Harita, Lurah Sapto, ngayakinkeun warga wiréh pamuda éta pisan anu maling duit. Sapto nyarita ka warga, ku teudeung-ludeng tanpa borangan:

“Warga sadaya, ieu jalma nu ngarusak moral pamuda di ieu tempat. Ieu pisan jalmana. Manéhna ngawadul jadi ahli masigit, manéhna teu jujur nalika ngomong ikhlas mantuan pamaréntah satempat. Sok ayeuna geus ébréh ka urang sadaya yén ieu jalma téh bener-bener salah, urang sadaya teu bisa ngantep manehna cicing, genah, jeung tumaninah di dieu. Hirup hasil nipu ka papada manusa. Simkuring yakin yén jalma ieu pisan nu maling duit warga. Buktina nu loba leungit téh jalma nu dumukna sabudeureun masigit.”

Sapto leuwih sumanget nyarita, malah mandar manéhna beuki tarik monyongkeun congorna:

“Para wargi sadaya, kanyataan geus nembongkeun sihungna ka urang. Geus ayeuna mah urang gebugan jalma ieu.”

Nalika Lurah Sapto sumanget ngahasut warga pikeun ngagebugan, bahkan ngarogahala pamuda éta, Abah Yaksa datang. Teu disangka ku Lurah Sapto harita yén Abah Yaksa rék hadir di éta tempat. Abah Yaksa nu kakoncara ku sakuliah désa ngaakibatkeun ratug tunggulan hulu angen. Manéhna sieun ku datangna Abah Yaksa téh bakal ngabubukeun rencana nu ku manehna disusun, nyaéta ngusir jeung numbalkeun pamuda tadi jadi tukang maling. Tapi kagok éra, Lurah Sapto tuluy ngomong, beuki ngadedet pamuda éta, tanpa maliré sanajan harita haténa ngarasa ratug alatan datangna Abah Yaksa.

Sapadamayan Abah Yaksa nembalan ucapan Lurah Sapto

“Punten, Lurah, simabdi dongkap ka ieu tempat sanés ngahaja nyampur urusan batur. Simabdi teu dihaja ngaliwat ka ieu tempat. Singhoréng simabdi nguping salira ngahakiman ieu pamuda.”

Abah Yaksa ngetrukeun tarékah pikeun nyarita handap asor ka Lurah Sapto. Abah Yaksa nimbalan deui caritana:

“Kieu pa lurah, bawi rasa salira teu adil upami ngahakiman ku sapihak wungkul.”

Ngadéngé ucapan kitu Lurah Sapto ngarasa disinglarkeun harga dirina, manéhna asa dicoo gado ku budak. Tapi Sapto oge mikir dua kali, najan Abah Yaksa leuwih ngora batan manéhna, tapi Abah Yaksa ngaruh pisan di tempat éta, malahan ceuk beja mah kasakténna nu ngaakibatkeun Abah Yaksa jadi dipihormat. Ceuk béja ogé yén Abah Yaksa téh mibanda ajian nu bisa ngalunturkeun kulit ku rapalan nu di ucapkeun, da puguh manéhna geus guguru ka tukang tapa.

Tapi Lurah Sapto maksakeun manéh pikeun ngawujudkeun wawanénna. Lurah Sapto nyadar ku jurus “sentak-sengor”na moal neurak ka Abah Yaksa mah, tapi manéhna gé nyadar, lamun ucapan Abah Yaksa teu di palire ku sentak, manéhna moal bisa ngayakinan deui ka warga. Manéhna maksakeun manéh pikeun nuar ucapan Abah Yaksa, malahan teu kungsi lila ti Lurah Sapto nembalan ucapan Abah Yaksa, manéhna ngajak ngadu élmu raga ka Abah Yaksa, manéhna kapalang éra geus kasebut ngawasa daérah Reunggas, manéhna kapalang kagok geus nantang Abah Yaksa.

Abah Yaksa teu langsung nedunan kahayang Sapto, tapi alatan Sapto mamaksa, nya tanding élmu geus teu bisa dibatalkeun. Ngan ngabutuhkeun waktu lima menit pikeun ngelehkeun Sapto. Abah Yaksa ngarapalkeun sababaraha ucapan hasil guguru ka tukang tapa, manéhna malakiahan pikeun ngalumpuhkeun lawan nepi ka Sapto labuh ngadadak, teu bisa hanjat deui. Abah Yaksa ogé bisa nyabéréskeun perkara nu ngageunjleungkeun warga salila saminggu téa. Éta pamuda aman. Manéhna bisa ngumbara deui ka tiap-tiap masigit. Jeung warga teu katimpa hareudang-bayeungyangna hasudan Lurah Sapto.

Saperti biasa Abah Yaksa sok nisskeun sirah dina poe Kemis. Manéhna ngarunut kajadian ku cara muhasabah. Biasana manéhna ngayakeun muhasabah di karang laut. Harita Kemis, wanci geus nuduhkeun jam 11 peuting. Dina muhasabahana, galura ujug-ujug pagulung-gulung, jiga aya tangan nu ngawasa sagara cai. Manéhna hémeng nalika nempo cai nu pagulung-gulug gede, jiga nu rék nimbulkeun tsunami, sapadamayan bijil ti laut nu pagulung-gulung galurana, manusa gagah, manéhna leuwih ngabentuk jiga Buta Hejo. Dadak sakala Abah Yaksa teu boga kasaktén, manéhna teu daya teu upaya nempo jeung ngarasakeun kasaktén nu ngaburisat tina diri éta Buta. Manéhna teu bisa ngetrukeun rapalanana. Kawedi ujug-ujug datang, kawani nyingray tina haténa. Manéhna ngadadak jadi bengkéng nempo Buta nu bayuhyuh éta. Nyambung.

No comments: